Kamis, 24 Mei 2012

Assalamualaikum......
kumaha baraya daramang....??
alhamdulilah nembe bade babagi deui, duh punteun we bilih basa, carios sareng kecap nu mahpar dina wacana ieu rada taregol rumaos abdi urang sunda tapi rada kirang tenget kana basa na biasa ku jaman ayeuna mah eleh ku pergaulan janteun rada kirang di hanca sadidinteun basa purwadaksi teh...

duh teubih teung nyak wawanca teh janteun ngalantur, hapunteun we kasadayana tamu anu linggih simkuring ngangge basa sunda kumargi merenahkeun sareung judul wacana di luhur...

Dina deunget ayeuna simkuring bade babagi elmu kanggo ngarobah jejaring sosial anu keur kasohor pisan nyaeta Fcebook, Saha nu teu wanoh kana Facebook di jaman kiwari ieu..??
Timimiti murangkalih dugi ka murangdewasa hehehehe maksadna sepuh, ti pelajar dugi ka pebisnis sadayana tos nghontal jeng reresepan kana eta jejaring, urang salaku urang sunda nu mika resep kana budaya jeung bahasa sunda hayu urang sami2 nyundakeun dunia hehehe. meh teu nyangkolong kana waktos urang langsung we ayeunamah kana pokok wacana na, sok mangga deurrr ahh...
Lengkah ka hiji nu kudu ku urang di laksanakeun pikeun ngarobah facebook sangkan jadi bahasa sunda nyaeta kudu make panganya extensi keur mesin browser anu sok ku saderek di angge pikeun ngakses facebook samodel google chrome, mozilla atawa internet explore candakan microsoft.

Pangaya pikeun mozilla firefox
pangaya extensi pikeun browsing mozilla nyaeta pake greasemongkey
mangga sok unduh pangaya na terus terapkeun/pakekeun dina mozilla, mangga
 kanggo ngunduh sareng nerapkeun greasemongkey di mozilla.
saatos di unduh sareng di terapkeun restart heula mozilla sangkan aya logo monyet di juru palih katuhu mangga di pintonan heula.

tilik gambar

pami parantos aya hartosna extensi parantos rengse di instal lengkah salajeung na ayeuna saderek kedah nginstalkeun bahasa sunda pikeun ke ngarobah facebook sangkan jadi bahasa sunda
 kanggo nginstal bahasa sunda na.

tilik gambar

Saatos kitu kantun ngantosan sababaraha menit kanggo nginstal na, pami tos rengse mangga kantun nyobian lebet kana facebook

Pangaya pikeun Google chrome
pangaya extensi pikeun browsing Google chrome nyaeta pake Tampermongkey
mangga sok unduh pangaya na terus terapkeun/pakekeun dina google chrome, mangga Pencet Didieu kanggo ngunduh sareng nginstalkeun Tampermongkey pikeun google chrome.
saatos di unduh sareng di terapkeun pintonan ka palih juru aya logo kotak nu ngangge kacamata.

tilik gambar

pami parantos aya hartosna extensi parantos rengse di instal lengkah salajeung na ayeuna saderek kedah nginstalkeun bahasa sunda pikeun ke ngarobah facebook sangkan jadi bahasa sunda
Pencet Didieu kanggo nginstal bahasa sunda na.
antosan sababaraha menit pami rengse mangga kantun lebet ka facebook

contoh ngawujud robih na bahasa. mangga pintonan.... :)




Sakitu ti sim kurung dina waktos ayeuana, mugi-mugi janteun manfaat kanggo saderek sadayana...
Hatur nuhun nu ka pi hatur, parantos ngalongok sareng namu kana ieu wacana, mangrebu hapunteun ngababar pikeun kasalahan-kasalahan sinareng kakirangan dina ieu wacana.
Assalamualaikum....



0 komentar:

Posting Komentar